Tradisi Nyunatan di Sunda
Dina istilah medis, sunat nu hartina nyoplokkeun bagian tinu kulup sirit. Nyunatan du sarankeun sabab miboga mangpaat kasehatan. Di tatar Sunda nyunatan teh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di saban wewengkon, Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna antara genap nepi ka dalapam taun. Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu di sunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi ka dalapam taun. Tradisi sareng kabudayaan Islam masih aya dugi ka ayeuna, anu aya diantarana anu dicampurkeun sareng tradisi asli Sunda, salah sahiji tradisi anu ngagabungkeun budaya Islam sareng Sunda nyaeta tradisi nyunatan. Istilah Nyunatan atawa sok aya nu nyebut Nyundatan asalna tina kecap Sundat hartina "turih". Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyuntan teh ku cara nurih kokop. Carana, kulit kokop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango (paka...