Tradisi Nyunatan di Sunda

      Dina istilah medis, sunat nu hartina nyoplokkeun bagian tinu kulup sirit. Nyunatan du sarankeun sabab miboga mangpaat kasehatan. Di tatar Sunda nyunatan teh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di saban wewengkon, Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna antara genap nepi ka dalapam taun. Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu di sunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi ka dalapam taun.

      Tradisi sareng kabudayaan Islam masih aya dugi ka ayeuna, anu aya diantarana anu dicampurkeun sareng tradisi asli Sunda, salah sahiji tradisi anu ngagabungkeun budaya Islam sareng Sunda nyaeta tradisi nyunatan. Istilah Nyunatan atawa sok aya nu nyebut Nyundatan asalna tina kecap Sundat hartina "turih". Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyuntan teh ku cara nurih kokop. Carana, kulit kokop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango (pakakas kawas patlot). Saanggeus dicapit, eta kulit kokocop teh tuluy diturih, tapi di keureut nepi ka beresih. Jalma tukang nyunatan teh baheula mah disebutna bengkong, ayeuna mah paraji sunat atawa mantri sunat.

      Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun badamian kulawarga heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanna, jeung sajabana. Dina waktuna, budak sunat teh sok direuah-reuah hela diraramekeun. Keur anu mampu mah, sapoe samemehna budak sunat teh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-mapay jalan bari dipiring ku tatabeuhan kendang penca.

      Baheula mah, samemeh disunatan budak sunat teh sok dibawa ka balong atawa walungan, sina ngeueum heula. Maksudna ngarah raragana baal lamun engke dikeureut. Geus kitu tuluy dilahun dina korsi, pada nyarekelan sarta panonna dipeungpeunan, kakara di sunatan.

      Saenggeuh brel dikeureut, kolot-kolot nu ngariung nyaraksian sok rampat nyarita: "Salamet! Salamet! Bela! Sok belana geura pencin!". Bela nyaeta hayam anu di peuncit saanggeus budak brel disunat. Ayeuna mah hente kitu, budak anu rek disunatan teh henteu kudu sina ngeueum heula di balong. Subuh keneh teh sok langsung wae dibawa ka mantri sunat. Henteu di baalan heula, brel wae tuluy dikeureut. 

      Rengde dikeret, harita keneh ka budak sunat sok pada nyecep, pada mere duit minangka panyombo ngarah henteu cerik. Ngarah bungaheun sarta bisa mopohokeun kanyeuri.

 

Komentar